KAKAWIHAN BARUDAK LEMBUR
Kawih
Kaulinan nya éta kakawihan barudak atawa kawih murangkalih, mangrupa sabangsa kawih anu biasa dikarawihkeun ku barudak bari arulin, boh dilakukeun di
jero imah,
boh di luar upamana di buruan keur kaayaan
caang bulan, atawa di tempat lianna tempat maranéhna ulin. Rakitan kakawihan
barudak mangrupa lalaguan balaréa anu sipatna anonim, biasana tara sarua
unggal daérah sok aya baé bédana saeutik.
Kiwari kawih
kaulinan geus jarang dikawihkeun ku barudak, komo budak nu cicingna di kota mah
meureun geus tara pisan dilakukeun, biasana kawih kaulinan téh sok dipaké ku
barudak nu cicingna dipadésaan atawa pakampungan, di daérah pagunungan. Budak
nu biasana ngawih lamun keur ulin téh sok babarengan jeung babaturannana, tara
sosoranganan.
ORAY-ORAYAN
Oray-orayan,
luar leor mapay sawah
Entong ka sawah,
parena keur sedeng
beukah Mending ka leuwi,
di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi,
anu mandina pandeuri
AYANG-AYANGGUNG
Ayang-ayang gung Gung
goongna rame
Menak ki Mastanu Nu
jadi wadana Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk Ruket
jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu
ompong
Jalan ka Batawi
ngemplong
CINGCANGKELING
Cingcangkeling
Manuk cingkleung
cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng
EUNDEUK-EUNDEUK CANG
Eundeuk-eundeu cang
lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku Nini
Beunang deui ku Aki
JALEULEU
Jaleuleu ja tujaeman
gog
Seureuh leuweung bay
Jambe kolot bug
Ucing katinggang
songsong Ngek ngek!
KALONGKING
Kalongking-kalongking
Bapa sia hudang ngising
Dibura ku madu kucing
Madu kucing meunang
maling
Kalongking-kalongking
Bapa sia utah ngising
Beak samak beak samping
Teu cageur waktu
sapeuting
BANGBANG KALIMA GOBANG
Bang kalima-lima gobang
bang
Bangkong di tengah
sawah wah
Wahey tukang bajigur
gur
Guru sakola desa sa
Saban poe ngajar jar
Jarum paranti ngaput
put
Puteri nu gareulis lis
Lisung kadua halu lu
Luhur kapal udara ra
Ragrag di Jakarta ta
Taun tujuh hiji ji
Haji tas ti Mekah kah
Kahar dua rebu bu
Buah meunang ngala la
Lauk meunang nyobek bek
Beker meunang muter-ter
Terus ka Cipaten pen
Pena gagang kalam lam
Lampu eujeung damar mar
Mari kueh hoho ho
Hotel pamandanga ngan
Nganteur anu kawin win
Winta dagang oncom com
Comel kanu gelo lo
Lodong kosong ngentrung
tung
Tunggir hayam bikang
kang
Kangkung meunang meuli
li
Lili lewungit konci ci
Ciak anak hayam!
PUNTEN
Punten mangga Ari ga,
gatot kaca Ari ca,
cau ambon Ari bon,
bonteng asak Ari sak,
sakit perut Ari rut,
rujak asem Ari sem
sempal-sempil Ari pil,
pilem rame Ari me,
meja makan Ari kan,
kantong kosong Ari
song,
songsong lampu Ari pu,
puak-paok Ari wok,
wok candewok
OLE-OLE OGONG
Ole-ole ogong
Melak cabe di Tarogong
Dihakan ku embe ompong
Diteang kari sapotong
Au-au eheng
Beuleum cau tutung
geheng
Embe-embe domba Anak
sapi tutunggalan
TOKECANG
Tokecang-tokecang
Balagendil tosblong
Angeun kacang-angeun
kacang Sapendil kosong
TRANG-TRANG KOLENTRANG
Trang-trang kolentrang
Si Londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan
BULANTOK
Bulantok-bulantok
Bulantok-bulantok
Bulan gede bulan montok
Moncorong sagede batok
Bulantok-bulantok
Aya bulan sagede batok
Aya bulan sagede batok
Bulanting-bulanting
Aya bulan sagede piring
Aya bulan sagede piring
RAT-RAT GURISAT
Rat-rat gurisat
Nini ingrat paeh diselap
Tiselap kana kuciat
Dibura ku laja tuhur
Laja tuhur meunang ngunun
Meunang ngunung tujuh taun
Kadalapan diburakeun
Nyeh prot, nyeh prot, nyeh prot….
TOKECANG
Tokecang-tokecang
Balagendil tosblong
Tokecang-tokecang
Balagendil tosblong
Angeun kacang-angeun kacang
Sapendil kosong
UCANG ANGGE
HUHUIAN
“Kelenang-keleneng samping koneng
Keledat-keledut samping butut”
+Saha di dapur? (ucap sang pimpinan)
- Nini jeung aki.
+ Rek ngala naon?
- Ngala hui.
+ Pek we ala!
CINGCIRIPIT
“Cingciripit tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare memencosna
jol pa dalang mawa wayang
jrek-jrek nong”........
NGADU TETENGEK
A: Tetenggek, tetenggek kuda Persi keur anakan 2x
B: Tetenggek, tetenggek kuda lumping rarawisan 2x
C: Tetenggek, tetenggek pangatek keur didangdanan 2x
D: Tetenggek, tetenggek panganten kembang goyangan 2x
PRANG-PRING
Prang-pring sabulu-bulu gading
Prang-pring sabulu-bulu gading
Ngagading ka Sunda perang
Nya perang di pangadegan
Turune puyuh hayam jago babaranten
Dikencreng-kencreng kucubung
Kucubung kuruwek dugel, mintel!
Prang-pring
sabulu-bulu gading
Ngagading ka
Sunda perang
Kucubung
kuruwek dugel muntel
Angge-angge para
jangge
Pur puyuh tina
kurung
Torolong jago
ti kolong
Caringin
reuntas dorokdok gubrag!
PACIWIT-CIWIT LUTUNG
Paciwit-ciwit lutung si lutung pindah ka tungtung
Paciwit-ciwit lutung si lutung pindah ka luhur
Paciwit-ciwit lutung nu ti handap pindah ka luhur
SIEUH – SIEUH
Sieuh-sieuh manuk ka ditu ka dayeuh
Di dieu sagala euweuh
Sia moal bisa seubeuh
Da aya anu ngageugeuh
Sieuh-sieuh manuk ulah arek datang
Bisi nyorang kana regang
Kudu nyingkah mangka anggang
Di dieu aya pangilang
Sieuh-sieuh manuk ulah arek ganggu
Da aing anu keur tunggu!
AMBIL-AMBILAN
+ Ambil ambilan turugtug hayam samantu
+ Ambil ambilan turugtug hayam samantu
- Saha nu diambil kami mah teu boga incu
- boga gé anak pahatu
+ Pahatu-pahatu gé daék
+ purah nutu purah ngéjo
+ purah ngasakan baligo
- Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
+ Aya ubarna kulit munding campur dagé
+ tiguling nyocolan dagé
SUR SER
Sur ser sur ser…angeun aing acan asak
disuluhan ku kanyere…kanyere meunang meulahan
Meulahan ku peso raut
Peso raut gagang tanduk
dug dug bro dug dug bro
angeun aing gera asak
Tidak ada komentar:
Posting Komentar